
Undangan Musyawarah dan Reuni
Diposting oleh : Administrator
Kategori: Seputar IKA - Dibaca: 438 kali
Panggupay ka dulur-dulur alumnus ikasman-1 garut, tisuklak-tisiklukna, nu lawas teu patepang, urang ngariung mumpulung dina : reuni akbar sman-1 garut 2012, dinten saptu, kaping 25 agustus acara musyawarah, sareng kaping 29 september dina acara reuni akbar 2012.
Urang ngumbarkeun kasono ka sobat nu lawas ampir poho,nyangreudkeun deui tali kaduluran sa alumnus,nyaangan nu pareumeun obor nu neang laratan
urang tinggalkeun heula saragam derajat sosial-material nu tos ka hontal gentos ku saragam mangsa harita urang keur di sma.
Ulah asa-asa, rempan jeung risi; urang masih sadulur dina ikatan keluarga alumni. upami nyawang mangsa ka tukang, nineung kana lelewa batur sakelas, tibelat ka manehna nu kungsi ............ mangga we diantos kasumpinganana
undangan-video

- Undangan Musyawarah IKA - SMAN 1 Garut
- Reuni Akbar IKA-SMAN 1 Garut, 29 September 2012
- Reuni Akbar IKA-SMAN 1 Garut
- HASIL RAPAT IKA SMAN-1 GARUT TANGGAL 04 FEBRUARI 2012
Isi Komentar :
Nama | : |
Website | : |
Komentar | |
(Masukkan 6 kode diatas) |
|